20 Februari 2014

Patepung di Bandung

175 komentar
Judul Novel     : Patepung di Bandung
Pangarang       : Taufik Faturahman
Panerbit           : CV. Geger Sunten
Taun Medal     : Desember 1995

Tema               : Kahirupan sapopoe
Latar                :
a.       Tempat            : Imah Bapa, imah Ema, kontrakan kang Odong, sakola, kebon, sawah, panggilingan pare, pasar Ciroyom, LP, jsb.
b.      Wanci              : Isuk-isuk, siang, sonten, wengi, tengah peuting, pasosore, jsb.
c.       Suasana           : Pikasediheun, piambekeun, pibungaheun, pikarunyaeun, jsb.
Alur                 : Maju
Tokoh              :  Palaku/tokoh utama :
1.      Kondi                  : Bageur, henteu isinan,
2.      Ema                     : Gede ambek, kadang bageur kadang galak.
3.      Bapa                    : Bageur, sok ngelehan.
4.      Kang Odong       : Hese dipapatahan, bangor, gede ambek, kadang bageur.
Palaku/tokoh tambahan :
1.      Ceu Iti
2.      Anakna ceu Iti
3.      Uwa Alkasan
4.      Mang Mahmud
5.      Mang Janta
6.      Pa Mantri
7.      Ma Emot
8.      Bu RT
9.      Pa RT
10.  Ustad Yaya
11.  Pa Lebe
12.  Sapaat
13.  Encur
14.  Mandor Erom
15.  Entam
16.  Enci
17.  Bi Narmi
18.  Asep Dodoy
19.  Bi Jenab
20.  Jana
21.  Sule
22.  Ahid
23.  Haji Sukria
24.  Bi Manah
Amanat                       :  Jadi jalmi ulah babari nyerah, kudu sumangat ngarah kacapai naon bae anu dipihayang.

Sinopsis

Dicaritakeun aya saurang budak, ngarana Kondi. Baheula mah keur jaman Bapana keur jaya mah, kahirupan kulawargana Kondi teh leuwih ti cukup. Tapi ayeuna sanggeus usaha motret kapilembureun Bapana ka elehkeun ku si Tokeh anu muka toko potret, bangkrut bae usaha motret Bapana teh. Ti saprak eta pacabakan Bapana ganti jadi tukang dagang baso, ngan Bapana jeung babaturan dagangna anu dagang di buruan sakola diusir ku kapala sakola eta sakola, geus kitu mah taak bae nyunyurung roda baso teh. Dina hiji poe mang Janta ngajak Bapana ka Jakarta, ngadon jadi kuli nembok di salah sahiji pausahaan bangunan. Lima poe ti saprak Bapana mangkat ka Jakarta, ka imahna aya surat ti Bapana, anu eusina pondok pisan nyaritakeun Bapana salamter sarta geus mimiti digawe. Teu disangka-sangka dua poe ti harita, kira-kira tabuh lima sore, aya ambulan anu mawa Bapana kahareupeun imahna. Bapana ngajolopong dina blankar bari disimbut lawon belang, ceuk mang Janta mah Bapana Kondi teh ragrag basa keur nembok di tingkat dua, Bapana Kondi lumpuh. Ti sanggeus eta kapaksa wae ngajual barang-barang jang ngabanjel kaperluan sapopoe, da wawarungan Indungna oge jadi teu marema deui. Nempo kaayaan jadi kitu, Indungna Kondi jadi mindeng ngambek jeung kadang ngajejeleh Bapana. Sanggeus sarebu setan meungpeukan hate Indungna Kondi, Indungna Kondi menta papisah, embohna putusan ti pangadilan agama teh Bapana Kondi kudu nyieunkeun Imah keur Indungna.
Sanggeus ditinggalkeun ku Indungna, karasa pisan ripuhna ngerjakeun sagala pagawean di imah teh. Ari kang Odong, lanceukna Kondi, kalah mindeng abur-aburan oge ayeuna mah kang Odong jadi gede ambek. Lian ti ngurusan Bapana, meresan imah, jeung sakola oge ayeunamah Kondi sok ngala tutut jeung ngendur genjer, atawa ngala huut badag di panggilingan pare, nya lumayan panghasilan tina ngajual eta teh bisa dipake pikeun dibeulikeun kana kaperluaan sapopoe Kondi jeung Bapana. Mun aya waktu, Kondi sok ngahajakeun ulin ka imah Indungna, gawe sapopoe indungna teh ayeuna mah kana nganyam. Dina hiji mangsa bsa Kondi nganjang ka imah indungna, ka sampak aya semah lalaki. Basa Kondi nyarita ka Bapana, Bapana jadi katembong kerung. Ti harita, Bapana jadi mindeng ngalamun, teu lila ti harita awak Bapana nyebret panas, ditambah sukuna jadi kembung jiga nu biri-biri, tuluy bae Kondi mawa Bapana tatamba ka klinik. Ceuk pa Mantri, ceunah Bapana Kondi teh katerap liver. Kang Odong anu tadina di sawang rek nyaangan deui kulawarga, buktina teu bisa diandelkeun, kalah pruk kawin, da Bapana Kondi oge geus teu bisa nyarek. Ti saprak kawin ka ceu Iti kang Odong nyewa imah ti Haji Sukria. Ku mindeng tatamba ka klinik mah, lila-lila Bapana Kondi katembong rada eungkeut-eungkeut cageur. Najan Bapana sok tatamba ka klinik oge aya hiji panyakit Bapana anu teu bisa disingkirkeun nyaeta ngalamun. Komo ti saprak Indungna kawin deui. Beuki kadieu panyakit Bapana jadi katembong beuki parah, sakapeung katembong Bapana sok seserengehan, ceuk batur mah Bapana Kondi ngeser ingetan.
Dina hiji poe, kuring meunang beja yen kang Odong dieureunkeun tina gawena lantaran ngademitkeun duit setoran. Basa kondi nganjang ka imah kontrakanna kang Odong oge kasampak kang Odong keur hulang-huleng bangun anu kacida bingungna, pikarunyaeun pisan. Dina hiji peuting, kang Odong gegedor menta tulung ka Kondi lantaran ceu Iti rek ngalahirkeun. Gewat wae, kang Odong jeung Kondi ngagidig ka imah ma Emot, ngan hanjakal ma Emotna keur ka Lampegan, jadina mah ka bi Manah. Anakna kang Odong jeung ceu Iti teh lalaki. Teu kungsi lila ti harita, kang Odong pindah ka imah mitohana, tangtuna oge manehna geus teu mampuh mayar sewaan imah. Dina hiji poe, Kondi meunang beja anu pikareuwaseun pisan, nyaeta kang Odong dibanda ku pulisi terus dibawa ka Kacamatan kusabab ngabongkar toko Haji Isak. Ti harita pleng wae taya bejana, kungsi oge aya beja yen kang Odong di tahan di Bandung. Kondi teu nyaritakeun hal eta ka Bapana, tapi ahirnamah Bapana oge apaleun. Ayeuna teh kondi keur nungguan hasil ujianna, kahayangna mah bisa tuluy sakola ka SMP, ngan da kaayaana oge kieu teu kawas bareto. Hasil ujian kondi geus kaluar, berekah Kondi lulus, ngan angkana heunteu aralus oge. Geus lulus sakola, kondi meunang pagawean jadi buruh di pabrik aci. Beuki ka dieu kaayaan Bapana Kondi jadi leuwih parah. Dina hiji peuting basa Kondi rek ngaganti cai dina gelas, Bapana geus teu usik malik, Bapana ngantunkeun, ninggalkeun Kondi.
Teu karasa geus satau Kondi digawe di TKS teh. Dina hiji waktu Kondi ditawaran digawe ka Kota ku mang Mahmud. Gawe ka Kota ku Kondi di sanggupan. Sateu acan mangkat ka Bandung, Kondi bebeja bari nyuhunkeun pi du’ana heula ka Indungna. Di Bandung Kondi jadi tukanv jaga Jongko beas mang Mahmud di pasar Ciroyom. Asalna Kondi ngarumas teu bisa sare di jongko, tapi lila-lilamah bisa oge peureum. Dina hiji poe, Kondi jeung mang Mahmud ngajaran mapay-mapay Bandung neangan raratan kang Odong, ceuk patugas LP mah kang Odong teh geus dibebaskeun geus lila, basa di panjara mah raketna teh jeung Asep Dodoy. Hese pisan neangan raratan kang Odong teh.

Dina hiji waktu, mang Mahmud ngajakan Kondi nepungan tukang minyak anu kabeneran ngarana Asep Dodoy. Kondi atoh pisan, sugan wae bener ieu Asep Dodoy babaturan kang Odong. Basa pa Asep ditanya perkawis kang Odong, bener wae apaleun, ceunah mah salah sahiji pagawena. Di sisi jalan kadenge mobil gurang-gerung, di sidik-sidik anu turun tina mobil teh kang Odong. Ayeuna Kondi jeung lanceukna papanggih deui. Kang Odong jadi robah ayeuna mah, jadi leuwih dewasa. Isukna Kondi jeung kang Odong balik ka lembur. Ka sampak Indungna, ceu Iti, Bi Narmi, jeung tatangga meuni pada bungah kang odong balik deui. Isukna kang Odong balik ka Bandung, sakalian mawa ceu Iti jeung anakna, da rek tuluy matuh di Bandung. Sateu acan mangkat ka Bandung kang Odong nitah Kondi maturan Indungna anu jadi janda deui di lembur, bari nuluykeun sakola deui ceunah, da waragdna di tanggung ku kang Odong. Ahirna mah Kondi sakola deui.