10 Januari 2013

26 Taun Icalan Baso Tahu

   Jenenganana Aceng Sunarya, Yuswana 45 taun. Padamelan pa Aceng nyaéta icalan baso tahu. Pa Aceng icalan baso tahu atos 26 taun.  Pa Aceng icalan baso tahu ti tabuh 9 enjing dugika tabuh 5 sonten. Paghasilan pak Aceng sadintenna kirang langkung Rp. 50.000,00 sadinten. Pa Aceng ngadamel baso tahu ti tabuh 3 enjing ka pasar, ti tabuh 5 ngawitan ngadonan jeung sajabana dugika tabuh 8 enijng. Bahan anu diperyogikeun kanggo ngadamel baso tahu nyaeta; Aci sampeu, Tipung tarigu, lauk laut, tahu, pangsit siomay, kacang, kecap, sambel, cabe bereum, jeruk purut, paria, kentang endog, engkol, jsb. Cara ngadamel baso tahu nyaeta ngadonan heula Aci sampeu, Tipung, lauk, jsb. Dicetak ku panangan, atawa ku garpuh, tuluy diseupan. Sangkan baso tahuna enak pa Aceng gaduh resep rahasia nyalira. Modal pak Aceng sahari nyaéta Rp. 500.000,00 sahari. Icalan baso tahu teu salamina untung jeung majeng, kadang untung, kadang rugi amun daganganna teu se’ep. Padamelan pa Aceng sateuacan Icalan baso tahu nyaéta  jadi patani di kampung. Suka dukana pa Aceng icalan baso tahu nyaéta ; suka mun daganganna laris, uihna enjing keneh, Duka mun dagangan sepi dugi ka sonten dagangan teu laris. Perasaan pa Aceng icalan Baso tahu téh Resép, Seneng. Kahoyong pa Aceng  kapayunna nyaéta hoyong icalana langkung majéng, séeur peminat, tiasa meser sawah, kebon, pokokna mah hirup  bagja.


0 komentar:

Posting Komentar